Friday, February 20, 2009

Drama Sunda LALAKON

LALAKON
Drama disadur ti “Lalakon” karya Fier Hilari,
Mangle, 2061, 6-12 April 2006,
ku Prana D. Iswara

Tokoh
1. Raja
2. Mantri 1
3. Mantri 2
4. Mantri 3
5. Mantri 4
6. Tukang Baso
7. Gulang-gulang 1
8. Gulang-gulang 2

BABAK I
PEUTING
RAJA: (SOLILOKUI, NGAGERENTES) Dalapan bulan nyekel predikat raja, ngaganti bapa almarhum, kana ceuli mimiti cuw-cew beja. Majar rayat kurang dahar, hahargaan mahal, barudak barodo da biaya keur ngadidiknya sarua mahal, nu gering sarua teu kaubaran. Pokona sarua mahal we nu asup kana ceuli teh. Ukur hawar-hawar asalna mah lila-lila asa beuki saheng. Enya kitu? Padahal asa kurang kumaha hayang nyenangkeun rayat teh. Nu teu boga disumbang, hayang ngadidik budak, tah tempatna, bangkuna tah bukuna bari teu kudu udunan, nu gering tinggal ngubaran, obatna geus disadiakeun gratis, tinggal daek geringna wungkul! Kurang kumaha geura! Panasaran ku eta beja ….

BABAK II
BEURANG
MANTRI DIULEM. JUL-JOL MANTRI CUNG-CONG. TEU GANCANG DIBUKA ACARA TEH, ANGGUR NGADON MELONG HEULA RIUNGAN SALILA-LILA NEPI KA RIUNGAN RADA ELEKESEKENG.
RAJA: Urang kawitan ku laporan heula, mangga mantri nu ngurus kahirupan rayat! (MANTRI NGESOD-ESOD KA HAERUP, RADA HARARESE KAHALANGAN AWAK NU SAKITU BAYUHYUHNA. LAPORAN KITU-KITU CENAH, SINGKETNA MAH RAYAT HIRUP MAKMUR, CUKUP SANDANG, CUKUP PANGAN.)
RAJA: Beja ti saha eta, teh, Mang? (SOLILOKUI) Bubuhan raja, emang we nyebut Pa Mantri teh.
MANTRI 1: Sun, muhun ti bawahan nu purah ngaroris!
RAJA: Ku Emang sok diroris deui?
MANTRI 1: Yaktos! Malihan artos sumbangan tea tos dibagikeun, sadayana tos kabagi manawi rayat makmur ge!
RAJA: (KERUNG) Ke heula, Mang! Naha make dibagi kabeh, kapan duit eta mah keur nu teu baroga wungkul!
MANTRI 1: Manawi, Gamparan. Terang bade dibagi artos mah janten nyeueuran nu hoyong disebat miskin teh. Nu gaduh kuda dua ge angger we hoyong disebat miskin, majarkeun teh muhun gaduh kuda, tapi maenya ari neda ukur ngaletakan kuda mah!
Kitu, Gamparan, matak dibagi we tinimbang janten papaseaan mah!
RAJA: (SOLILOKUI) Teu eucreug!
Ari beulieun aya?
MANTRI 1: Sun, moal kakirangan pesereun mah! Di jongko, di warung paragpag dagangeun!
RAJA: Marahal henteu?
MANTRI 1: Henteu, pangaosna marirah we timbangan jisim abdi mah!
RAJA: (SOLILOKUI) Tah ieu, murah soteh ceuk manehna. Keur rayat mah lain deui carita?

TOK-TOK, TOK-TOK! TI LUAR KADENGE SORA TUKANG BASO NAKOLAN CEULI. RAJA CURINGHAK.

RAJA: (CURUK MARENTAH GULANG-GULANG) Geroan sina ka dieu!

GULANG-GULANG BARI TEU NGARTI GE LEOS KA LUAR. DATANG DEUI BARI NGIRINGKEUN WARUGA BEGANG. RUMPAD-REMPOD NYAMPEURKEUN BARI NANGGUNG DAGANGANANA.

TUKANG BASO: Bade ngadamel sabaraha hiji, Aden?
RAJA: Moal, Mang! Cing ceuk Emang kumaha jaman ayeuna, beuki susah atawa senang?
TB: Tambih repot, Aden. Ayeuna mah, tos sagala teu kapeser!
RAJA: Kurang nu daragangna lain?
TB: Ari nu dagangna mah teu kirang-kirang, mung kanggo meserna nu teu aya teh!
RAJA: Naha, pan meunang duit bagian meureun!
TB: Numawi pedah icalan baso tahu janten teu kabagi Emang mah!
RAJA: Naha?
TB: Saurna ari icalan kieu mah moal kirang tedaeun, Gamparan!
RAJA: Ari ayeuna geus dahar?
TB: Parantos!
RAJA: Tah geuning, jeung naon dahar teh, Mang? (TETELEPEK)
TB: Ah nya sareng baso tahu we, da tos lami tara nyangu!
RAJA: Unggal poe tateh?
TB: Sumuhun.
RAJA: (SOLILOKUI) Edas! Teu kacipta kumaha nu dagang lebu, asa piraku rek dahar lebu mah. (GOGODEG) Meungpeung adu hareupan jeung rayat, gulang-gulang dititah mawa korsi jeung cai sirop.

NYAHO RAYAT TEH REK DIINTROGASI, RIUNGAN MANTRI RADA UBYAG. NGADAK-NGADAK ARELEKESEKENG JIGA NU NGADIUKAN DURUKAN. KOMO MANTRI NU NGURUS KAHIRUPAN RAYAT MAH, UGAL-UGIL TEU NGEUNAH CICING! CAI DATANG.

RAJA: Sok diinum heula bisi halabhab! (GELAS SIROP DIPAJUKEUN)

TB RADA ASA-ASA NYOKOT GELASNA TEH. TAYOHNA HERANEUN AYA SIROP PULAS BIRU. DIICIP-ICIP SAEUTIK, PANONA MEUREUDEUY. DIICIP-ICIP DEUI, LEGUK WE DIUYUP NEPI KA AMPIR BEAK SATENGAH GELAS. EUREULEU TEURAB.

RAJA: Ari budak aya nu sakola?
TB: (BARI NYUSUTAN JURU BIWIR) Aya, nu alit di tingkat dasar hiji kelas dua, nu cikal di tingkat dasar dua kelas hiji.
RAJA: Sukur, teu ieuran ayeuna mah nya?
TB: Sun, nu alit wungkul teu ieuran mah, nu cikal mah angger we ditarik iuran! Tos tilu sasih sareng ayeuna teu acan kabayar!
RAJA: (SOLILOKUI) Tah geus lieur deui yeuh! (PANON MURELENG KA LEBAH RINGAN. MANTRI NU KABAGEAN NGURUS ATIKAN JEUNG DIDIKAN NYEMPOD TUKANGEUN SIRAH BATUR.)
RAJA: Ka haerup, Mang! (ESOD-ESOD KAHAREUP, CONG NYEMBAH)
RAJA: Kumaha ieu teh, geuning ditarik keneh iuran cenah?
MANTRI 2: Numawi, Gamparan, teu kahartos ku jisim abdi ge!
RAJA: Teu kaharti kumaha? Kapan geus diitung sasirah budak sabaraha-sabarahana! (NYURELENG)
MANTRI 2: Parantos eta oge, mung janten ngaarageungan iuran teh!
RAJA: Coba parelekeun ambeh puguh!
MANTRI 2: Muhun sateuacan ditanggel ku karajaan, dua puluhsen ditarik iuran sasasihna teh! Tah saatos ditanggel bet naek janten opat puluh sen sasasihna teh! Janten angger we barudak kedah mayar kakiranganana!
RAJA: Jadi dobel meureun meunang duitna?
MANTRI 2: Yaktos!
RAJA: (SOLILOKUI) Pinter! (GOGODEG DEUI)
RAJA: Geus kieu we ayeuna mah. Nu angger ngasongkeun alesan kakirangan keneh, langsung eureunkeun gawena! Ngatik jeung ngadidik mah sarua keneh jeung ibadah lain kana piduiteuna wae nu digedekeun teh! Beberes deui ti ayeuna, dibere waktu tilu poe. Mun angger keneh aya nu dipenta iuran, Emang Mantri rek dieureunkeun gawe. Sanggup?
MANTRI 2: (GANCANG) Sanggup!
TB: (NYERENGEH, SOLILOKUI) Mantri kasieunan jadi rayat....
RAJA: (KA TB) Tah ayeuna lamun emang gering, sok mayar keneh di tempat uubarna?
TB: Duka tah perkawis eta mah! Upami sakadar muriang panas tiris mah, cekap ku ubar kampung we, Den!
RAJA: (NGARERET KU JURU PANON KA MANTRI URUSAN KASEHATAN RAYAT. MANTRI NGARENGHAP PANJANG, BEUNGEUTNA NU GEUS PIAS NGADADAK GETIHAN DEUI.
RAJA: Ari di lembur loba keneh kabeuli beas?
TB: Numawi seueur keneh beasna tinimbang nu meserna!
RAJA: Mahal atawa teu barogaeun duit?
TB: Awis sareng teu garaduheun artosna, upami gaduh mah awis-awis ge kapeser we, Den!
RAJA: (SOLILOKUI) Bener! Tapi naha make mahal jeung ngadadak teu barogaeun duit. Moal kitu? (RET KA RIUNGAN MANTRI)
RAJA: Ka hareup, Mang! (MANTRI 3 RADA RUNGKAG-RENGKOG)
RAJA: Bangun nu sieun geuning. Cing kumaha tah ceuk Mang Mantri, jadi seuseut duit jeung marahal hahargaan ayeuna teh! Moal pedah Emang naekeun harga minyak?
MANTRI 3: (LAIN NGAJAWAB KALAH CULANG-CILEUNG JIGA NU NEANGAN DUKUNGAN) Nyaeta, Gamparan, minyak naek teh nu sanes oge ngiringan naek geuning, da numutkeun etangan mah minyak wungkul nu naek teh!
RAJA: Buktina kabeh nararaek. Ari minyakna kabareuli keneh, Mang?
MANTRI 3: Numawi ayeuna di lembur teh nuju dug-deg ngadaramel hawu sareng nyiar pisuluheun, Aden!
RAJA: Kumaha, baralik deui kana hawu dedengean teh?
MANTRI 3: Sumuhun!
RAJA: (SOLILOKUI) Beu, cilaka dua belas ieu mah! Rek dikamanakeun yeuh beungeut. Ari rayat karajaan tatangga mareuli kompor gas, ari rayat sorangan kalah nyarieun hawu. Balik deui ka jaman uyut kabuyutan! Moal kitu? (KA MANTRI 3, AMBEK) Rek hasud geuning Mang Mantri mah nitah naekkeun harga minyak teh, ambeh aing era ku raja tatangga lain?
MANTRI 3: Teu pisan-pisan, Gamparan, gaduh maksud awon!

NINGAL NU JADI RAJA BENDU, GULANG-GULANG HIDENG NYAMPEURKEUN MANG MANTRI BARI NGASONGKEUN RUMBAKNA. MANTRI 3 BEUKI NGELEPER.

RAJA: Bongan polah Emang keneh, ayeuna Emang kudu mapay unggal lembur, rugrugkeun hawuna gantian ku minyak lima leter sewang! Bewarakeun hargana diturunkeun deui leuwih murah malah tina harga samemeh naek! Tong waka balik lamun hawuna can dirugrugkeun kabeh! Jig ayeuna geura indit, menta nu ngawal bisi aya nu ngarah-ngarah! (CURUK NUNJUK LAWANG.)

MANTRI 3 NGALENGHOY DIKAWAL GULANG-GULANG. PANON RAJA MURELENG DEUI KANA RIUNGAN. RADA LILA MELONG MANTRI BAYUHYUH. NU DIPELONG NGELUK PIKARUNYAEUN.

RAJA: Cingan, Mang, nangtung di dieu!
MANTRI 4: Sun, ka jisim abdi, Juragan?
RAJA: Enya, nangtung tah di dieu! (KA TB) Sok Emang oge nangtung, ngarendeng di dieu!
DUA JELEMA AJEG HAREUPEUN RAJA. DITILIK-TILIK.
RAJA: (KA TB) Emang mah diuk deui we! (KA MANTRI 4) Kumaha tah, Mang? Buktina mah geuning boro-boro cukup sandang pangan, loba nu kalaparan we nu puguh mah! Tah ku lantaran emang geus nawoworakeun amanat, saheulaanan kapaksa jadi tukang baso tahu heula, ambeh nyaho kumaha kahirupan rayat nu sabenerna. Ulah poho unggal poe dahar ukur jeung baso tahu!
TB: Sun, ari abdi engke icalan naon, Den? (REUWAS)
RAJA: Cicing we, Mang! Sok geura tanggung ayeuna mah, mudah-mudahan sing laris!
MANTRI 4: (PEURA) Sabaraha lami jisim abdi kedah icalan teh?
RAJA: Tilu bulan! Jig dimimitian ti ayeuna!
MANTRI TIBEBEREGEG NGANGKAT TANGGUNGAN, NGALENGKAH RUMANGGIEUNG)
RAJA: (SOLILOKUI) Encan salila tilu bulan ukur dahar baso tahu, mun engke datang deui teh abong mun teu pangling.
RAJA: (KA TB) Emang nyaho nu teu balener ngajalankeun aturan kaula?
TB: Langkung ti terang, Aden, margi Emang nu ngalamanana pisan. Sagala teu laju upami teu nganggo artos leuleueur mah!
RAJA: Tah ku lantaran Emang mah nyaho, Emang diangkat jadi mantri nu ngawaskeun jalanna aturan kaula! Tewakan nu teu balener ngajalankeunana, nu nyimpang-nyimpangkeun duit rayat, tong asa-asa berok! Bisi aya mantri nu kabaud sarua cangkalak. Keur nu ngabantu mah neangan, asal nu jujur jeung bener, nyaho halal haram jeung bisa ngabedakeun nu meunang ku agama! Sanggup teu, Emang?
TB: Sanggem! (TANDES)
DIANGKAT SUMPAH TERUS DISALIN MAKE BAJU KAMANTRIAN.
RAJA: Tah geus resmi ayeuna mah, Mang! (MASANGKEUN BROS BINTANG KANA KAMEJANA)
TB: Kawitan ti ayeuna wae newak jalmi teh, Aden?
RAJA: Enya! Rek newak saha kitu?
TB: Anu nyepeng kaamanan! Nu daragang teh sok disuhunkeun wae artos, kusir padati sareng sado ge sami we sok dipundut, kanggo uang jalan sareng kaamanan saurna!
RAJA: Mantri kaamanan maju! (ESOD-ESOD MANTRI KAAMANAN KA HAREUP.) Enya tateh, Mang? Unggal bulan pan nampa bisluit! (MOLOTOT. MANTRI 5 BALABAB-BELEBEB.) Abuskeun ka bui! Kuring teu hayang ngadenge papanjangan deui. Paingan sawah jeung kebon di ditu di dieu ditambah imah sabaraha suhunan, da ngajawabna ge teu pararuguh geuning!
RAJA: Aya deui teu, Mang?
TB: Seueur keneh!
RAJA: Isukan we nu sejenna mah. Ayeuna mah Emang balik we heula, bejaan pamajikan bari sakalian beberes. Imah geus disadiakeun katut eusina, kabeh ditanggung ku karajaan! Tinggal digawe bener we Emang mah!
TB: Yaktos diestokeun pisan! Hatur nuhun atuh, Aden! (AMITAN. RURUSUHAN KALUAR.)
NGADADAK POEK MONGKLENG. RAJA NGOJENGKANG INDIT.
GULANG-GULANG 1: Ku naon ieu teh euy, pareum listrik lain?
GULANG-GULANG 2: Heueuh, kade siah sirah raja katajong!
MANTRI 1: Mawa korek teu maneh?
MANTRI 2: Korek naon, roko oge teu boga!
GULANG-GULANG 1: Ieu dayeuh gara-gara be-be-em nake, listrik oge jadi mindeng pareum!
GULANG-GULANG 2: Pan bieu geus diturunkeun deui hargana ku raja!
GULANG-GULANG 1: Raja kajajaden eta mah! Saha atuh nu boga korek euy!
GULANG-GULANG 2: Korek-korek we, geus puguh murag, tah ieu geuning!
CEKES-CEKES, BURINYAY HURUNG, TEU LILA PES DEUI PAREUM!
MANTRI 1: Ari maneh make dipareuman?
MANTRI 2: Nyaho panas! Wah beak geuning euy pentulna oge!
MANTRI 1: Cilaka, moal tamat-tamat atuh latihan teh ari hayoh wae pareum listrik mah!
MANTRI 2: Bae lah da ukur sandiwara ieuh!

Sumedang, 22 April 2006

0 comments: